:

1 Raja-raja 9

1

Sanggeus Raja Suleman beres ngadamel Bait Allah jeung karaton sapuratina sakumaha kahoyongna,

2

PANGERAN nembongan deui ka anjeunna kawas bareto di Gibon.

3

Mantenna nimbalan kieu ka Suleman, "Panyambat maneh ku Kami dimakbul. Ieu gedong anu diadegkeun ku maneh ku Kami bakal disucikeun, bakal dititenan, bakal diraksa sapapanjangna.

4

Lamun maneh tuhu tumutur ka Kami, tigin sarta satemenna saperti Daud bapa maneh, ngalakonan papakon, nekanan sagala timbalan,

5

jangji Kami ka Daud bapa maneh bakal dicumponan, nya eta bangsa Israil salawasna bakal dirajaan ku turunanana.

6

Sabalikna upama maneh, atawa anak incu maneh mungkir ti Kami, ngalanggar papakon ngarempak timbalan sarta nyembah ka brahala,

7

umat Kami Israil bakal disingkahkeun ti tanah paparin Kami. Sarta ieu gedong, sanajan ku Kami geus disucikeun baris tempat ngabakti ka Kami ge, tangtu ditinggalkeun. Jalma-jalma di mana-mana bakal moyok jeung mikaceuceub ka urang Israil.

8

Ieu gedong oge bakal burak-barik, jadi bahan gogodeg jeung pikageteun jalma-jalma anu ngaraliwat, jadi bahan silih tanya, ‘Ku naon ieu nagara jeung Bait Allah teh nepi ka dikieukeun ku PANGERAN?’

9

Pananya kitu bakal dijawab kieu, ‘Tamaha jalma-jalmana, malalungkir ka PANGERAN Allahna anu ngaluarkeun karuhunna ti Mesir, anggur ngabarakti ka allah sejen. Mana ku PANGERAN dikeunaan bahla.’"

10

Lilana Suleman ngadamel Bait Allah jeung karaton teh dua puluh taun.

11

Kayuna ti Raja Hiram ti nagara Tirus, kayu kiputri jeung kijamuju, sarta reujeung emasna sakahoyong Suleman. Sanggeus beres pisan, eta bahan adegan teh ku Suleman dibayar ka Hiram ku dua puluh kota di wewengkon Galilea.

12

Tapi sanggeus eta kota-kota ditingalian, Hiram henteu cocog.

13

Mana saur anjeunna ka Suleman, "Ih Rayi, naha jiga kitu geuning wewengkon anu dipaparinkeun ka Akang teh?" Seug eta wewengkon teh dingaranan Kabul, nepi ka ayeuna.

14

Ari emas anu dipaparinkeun ku Raja Hiram ka Suleman reana leuwih ti opat rebu kilogram.

15

Tanaga anu dikerid ku Raja Suleman teh digunakeun keur nyieun Bait Allah jeung karaton, nyieun adegan-adegan keur ngeusian tanah anu kosong di bagian kota beulah wetan, keur ngadegkeun kutana, jeung keur ngadegkeun deui kota Hasor, Megido jeung Geser.

16

(Kota Geser ku raja Mesir kungsi dirurug jeung dihuru, jalma-jalmana ditumpes. Tuluyna eta kota teh dilelerkeun ka putrana anu dipigarwa ku Suleman, hadiah pertikahanana.

17

Eta kota ku Suleman diadegkeun deui.) Jaba ti kitu eta tanaga keridan teh digawekeun pikeun ngadegkeun deui Bet Horon Hilir,

18

Baalat, Tamar di tanah gurun wewengkon Yuda,

19

ngadegkeun kota-kota pagudangan kagunganana, ngadegkeun kota-kota pikeun kuda-kudana jeung pikeun kareta-karetana, adegan-adegan lianna deui di Yerusalem, di Libanon, jeung di mana-mana deui di wewengkon karajaanana, sakahoyongna.

20

Tanaga-tanaga anu dikerid teh jalma-jalma turunan urang Kanaan anu ku urang Israil teu kungsi ditumpes waktu urang Israil ngarebut tanah milikna. Eta urang Kanaan teh kaasup urang Emor, urang Het, urang Pares, urang Hiwi, jeung urang Yebus, anu turunan-turunanana jaradi bangsa badega nepi ka ayeuna.

21

(9:20)

22

Urang Israil mah ku Suleman teu aya anu dijieun badega, tapi dijieun prajurit, opsir, panglima, kusir kareta, jeung tukang tarumpak kuda.

23

Pikeun marentah anu digarawekeun kana rupa-rupa adegan, Suleman ngangkat lima ratus lima puluh mandor.

24

Tanah anu kosong keneh di kota beulah wetan tea ku Suleman dieusian rupa-rupa adegan, sanggeus prameswarina, putra raja Mesir tea dialihkeun ti Kota Daud ka karaton anu diadegkeun ku anjeunna.

25

Tilu kali dina sataun Suleman ngahaturkeun kurban beuleuman jeung kurban karapihan dina altar kengingna ngadegkeun kanggo PANGERAN, jeung ngukus ku seuseungitan ka PANGERAN. Kitu petana Suleman ngarengsekeun pagawean ngadegkeun Bait Allah.

26

Jeung deui Suleman ngadegkeun hiji armada kapal laut ti Esion Geber deukeut Elat, di basisir Teluk Akaba di tanah Edom.

27

Palaut-palautna dibantu ku palaut-palaut anu geus tarabah ti armada kapal kagungan Raja Hiram.

28

Balayarna ka tanah Opir, mulangna deui ka Suleman mawa emas leuwih ti opat belas rebu kilogram.

Link: